WHAT'S NEW?
Loading...

5 Hal Illegal nu Mainstream

 
Illegal

Pirang-pirang pagawéan illegal nu jadi mainstream (ngilu nu keur ramé). Pagawéan illegal ieu téh nu sabenerna mah teu meunang (dibaca: DOSA). Illegal nyaéta teu sah, teu boga kakuatan hukum jeung nu pastina mah aya sangsina atawa dibui lamun kapanggih ngalakukeun hal nu illegal. Lolobana hal illegal nu mainstream ieu sok dianggap biasa nu matak jadi kabiasaan padahal ngalanggar aturan!

Ngan... sakapeung hal nu illegal ieu téh sok aya mangpaatna. Ulah serius teuing ah!


 

1. Donlod (Download)

Fénoména donlod geus teu asing deui. Jaman kiwari, jaman téhnologi, jaman internét dimamana, Wi-Fi ayeuna babari diaksésna jaba haratis. Bisa donlod musik, donlod games, donlod software jeung donlod film  éta donlod téh mangrupi hiji hal nu ja di kabiasaan jaman kiwari. Download téh saleresna mah teu illegal waé, aya ogé nu légalna. pilih nu émang nyarankeun download nu teu mayar ngan resmi ti pihak nu nyiptakeunnana atawa pilih nu download prémium! mayar kali-kali mah euy hahaha...



foto

2. Darmaji(Dahar lima mayar hiji)

     Darmaji ieu leuwih bahaya euy, karunya tukang dagang, ngan lumayan mayar hiji beuteung seubeuh tapi biasana mah moal lila kaluar deui... 



3. Tukang film bajakan

     Saha nu can pernah nonton film dvd bajakan? ngacay atuh ningali gocéngan geus bisa nonton film hadé, komo lamun aya film can rilis gé dvd bajakan mah geus aya tiheula. canggih! Ti ayeuna mah mésér dvd nu asli!



Listrik Illegal :(

4. Listrik Illegal

    Ngalanggar pisan ieu mah maké listrik tapi teu mayar, bisa ngarugikeun nagara jeung bahaya konslét, ngan disisi lain listrik nu illegal jeung legal sok aya mangpaatna komo jang tukang ojék, tukang béca bari nungguan narik bari lalajo ménbal, berita, gosip nepika lalajo  sinétron  haji mu*hidin nu matak sok haneuteun wae XD



5. Mondok dikosan batur

    Sabenerna mah teu hayang-hayang teuing mondok dikosan batur, kusabab hayang ngilu raraméan atawa capé dijalan balikna jadi wéh mondok, ngan kadé sok aya nu datang “a, terang teu lamun mondok téh kedah mayar?” lumayan kaluar wéh duit. Nyarankeun lamun mondok dikosan batur kudu pilih-pilih! hahaha 


0 komentar:

Post a Comment