WHAT'S NEW?
Loading...

Fiksimini Sunda Godi Suwarna Populer


Rampak Lodong

Ku Godi Suwarna
Kacaturkeun, di hiji nagri nu gering nangtung ngalanglayung, tingkelentrung sora lodong teu kabilang nu ngepung kuriling bungking. Gumuruh soraning lodong tinggoronggong tina jajantung gorowong dilaung-laung genggerong: “Sudah bébas negri kita Énonésa merdékaaa…!” Mangpirang lodong karosong tingkalayang warna-warni, katémbongna tingburicak-tingburinong, jeung teu ngakar na dapuran, nanging anteng tingkowowong: “Padamu negri kami mengabdiiii…!” Lodong pada lodong lohong jeung lodong pacowong-cowong, jeung songong pabohong-bohong, teu salempang kong kalikong, teu hariwang najan méhong sahong-hongeun. “Garuda Pancasila akulah penuh kumuuu…!” Handaruan rampak lodong dipirig lodong jeung lodong, sedengkeun dapuran awi tinggal tunggul tinghariul, ngarep-ngarep iwung nu teu renung-renung.
(1996-2012)




I Miss You..!

Ku Godi Suwarna
Mencrong TV. Aya warta kapal murag. Tapi duka di mana. Da pikiran teu daék museur. Hi,hi,hi! Gebeg. Sora kunti tina HP. Tanda aya SMS nu asup. Nomerna teu wawuh. Dibaca. “Halo, aku Jasmine! Masih ingatkah? I Miss You!” cénah. Gusti. Jasmine? Mojang Bérlin nu moal kapopohokeun. Geulisna. Soméahna. Gasik ngetik walonan. “Tentu saja saya ingat. Lagi apa di manakah? I Miss You!” Laju dikirimkeun. Haté ujug-ujug aléwoh. Warna-warni panineungan kumalangkang. Teu lila, HP disada deui. Walonan ti Jasmine. “Aku otw ke rumahmu. I Miss You!” Hah? Nyaan kitu? Aya bagja. Aya geumpeur. Tungtungna ngajémprak di tepas. Jasmine. Kungsi deukeut. Kungsi geugeut. Tilu taun ka tukang. Kari-kari rék nepungan. Duh. Lamunan kapegat ku sora kunti tina HP. SMS ti Jasmine. “Begini; kapalku meledak. Tapi ingin sekali ketemu kamu. Tralala, aku datang! I Miss You!” Jam dingding disada dua las kali. Angin ujug-ujug ngahiuk. Hordéng endag-endagan. Bau bangké. Nu keketrok kana jandéla. Gustiii…

0 komentar:

Post a Comment