WHAT'S NEW?
Loading...
Showing posts with label Novel. Show all posts
Showing posts with label Novel. Show all posts

SN
Wanoja dina sastra Sunda/ illustrasi [Potret: Refro Mangle]


EXPLORESUNDA Kumaha sastrawan Sunda ngagambarkeun wanoja? Novel Sunda saméméh Perang Dunya II, umumna ngagambarkeun tokoh-tokoh wanoja nu katideresa. Novel Sunda munggaran nu ngamimitianna. Nya, Baruang ka Nu Ngarora (1914) karya DK. Ardiwinata ngawayangkeun Rapiah. 
Manéhna digambarkeun mangrupa wanoja anu henteu pengkuh. Kabisana meungkeutkeun dirina ka lalaki bangsa ménak, Aom Kusman. Nu ékstrim, malah daék di kitu-kieu ku éta radén.           
Wawacan Rusiah nu Geulis (1921) karya R. Candapraja kitu deuih. Tokoh Raden Ayu Lasmana, tungtungna, digambarkeun nemahan pati, lantaran teu kuat imah-imah jeung sudagar Arab, Sayid Abu Bakar bin Ma’ruf, nu ngalarang manéhna kaluar rumah.         
Tuluy M. Engka Wijaya nganggit Wawacan Duriat nu Teu Pegat (1924). Endén Ratna dina éta karangan kudu kawin jeung Haji Usman, nu geus tawéhwoh. Padahal Ratna geus papacangan jeung Radén Prawira. Nya lantaran babakti, manéhna daék dikawinkeun ku kolotna. Lantaran bapana boga hutang ka éta haji.
            Novel karya Yuhana gé nggambarkeun wanoja. Kahiji, Eulis Acih (1925): Eulis Acih téh bogoh ka Arsad. Ber kalabur. Tapi sanggeus harta banda bawa Eulis Acih béak, Arsad nundung Eulis. Gubrag Eulis Acih ngalahirkeun Sukria.
Kadua, Mugiri (1928): Néng Rahmah minggat jeung Gan Adung. Maranéhna teu disatujuan, lantaran cék indung-bapa Néng Rahmah, Gan Adung téh lalaki teu bener, sok ngérét awéwé deuih. Néng Rahmah kakandungan. Nalika bureuyeung, manéhna diusir Gan Adung. Malah dituduh salingkuh jeung lalaki séjén.
            Katilu, Kalepatan Putra Dosana Ibu-Rama (1928): Hadijah dikawinkeun ka Haji Saléh, ku jalan ditipu kolotna. Padahal geus papacangan jeung ia Mahmud, Hadijah téh. Sanggeus Hadijah kawin, Mahmud remen madon jeung maén. Leuwihna ti kitu, Hadijah diculik ku manéhna. Kumpul kebo. Geus bosen mah, Hadijah diusir ku Mahmud. Nya tungtungna balik deui ka kolotna, Hadijah téh.
            Ari M.K. Harjakusuma, dina Paéh di Popotongan (1931), ngagambarkeun tokoh pamajikan nu néangan salakina ka Batawi. Tapi barang gok amprok, salakina api-api teu wawuh ka manéhna, malah mungkir, lantaran geus jadi anémer, papakéan wawalandaan, jeung geus kawin ka anak wadana.
            Kitu deui E. Suwitaatmaja dina Wawacan Endén Supenti (1932): Endén Supenti diserahkeun Radén Ahmad. Éta téh, cenah mah, lantaran Radén Ahmad kagoda wanoja séjén, Endén Suwarni.
Dina mangsa éta gé, aya sawatara novel Sunda nu ngagambarkeun kapaksana wanoja nu jadi nyai-nyai. DinaSiti Rayati (1923) beunangna Moh. Sanusi, aya Patimah, tukang metik entéh di pakebonan Ragasirna, nu diperkosa ku si galak Steenhart. Patimah reuneuh. Tapi nalika ménta sangkan dijadikeun nyai-nyai, Steenhart malah malik ngusir jeung najong sagala.
Kitu deui Imas dina Carios Agan Permas (1926) karya Yuhana. Sanggeus leupas ti Haji Serbanna nu nyulikna, Imas wani akon-akon jadi Agan Permas jeung jadi nyai-nyai hiji tuan kawasa kontrak.
S.H. Kartapradja ge midangkeun carita nyai-nyai. Dina Carita Nyi Suhaésih (1928): Nyi Suhaésih remen paséa jeung salakina nu eureun digawé alatan aya perampingan. Nyi Suhaésih kagelo ku pangwujuk jalma nu rék ngajadikeun manéhna nyai-nyai Walanda di Bandung.
Ari Nyi Aminah nu diwayangkeun ku Moehamad Moekhtar dina Carios Istri Sajati (1929), méh baé jadi nyai-nyai. Sanggeus dicul-jeunkeun ku salakina nu kadua, manéhna ampir kawujuk ku nu rék ngajual manéhna ka hiji tuan.
Tapi aya novel tina mangsa ieu, nu béda. Apan Lain Eta (1932), beunangna Moh. Ambri. Ieu novel mimiti némbongkeun kawani wanoja nyanghareupan dominasi lalaki. Tapi abong dikarang lalaki, aya waé nu bias gender-na. Néng Éha, nu mimiti mah nurut kana kahayang bapana, kawin ka lalaki pilihan kolotna. Tapi sanggeus pruk mah, manéhna teu ngajalankeun peranna minangka pamajikan nu hadé, malah ngejat ninggalkeun salakina.
Sanggeus Indonésia merdéka, nasib wanoja dina sastra Sunda angger katideresa. Dina Sripanggung (1963), Caraka ngagambarkeun Empat nu kabur ti pakebonan kontrak lantaran rék diperkosa ku pagawé bangsa Walanda. Manéhna, tuluyna mah milu kana grup sandiwara, minangka sripanggung.
Yus Rusamsi nulis Randa Béngsrat (1965) jeung Dédéh (1966). Dina Randa Béngsrat, Ésih milih pepegatan jeung salakina, Udi, lantaran kapangaruhan ku pamikiran dulur misanna, Ikah. Ésih kapangaruhan ideu wanoja nu mandiri. Najan tungtungna mah, Ésih reuneuh di luar nikah ku kabogohna, Aléx Kohar. Ari dina Dédéh, Dédéh nu mutuskeun moal kawin-kawin, lantaran kapok bobogohan, tungtungna, manéhna léah diajak kawin ku tokoh Maman.
Nu rada béda mah Pipisahan (1977), karya Rahmatullah Ading Affandié (RAF). Tokoh Emin diserahkeun ku pangjurung bapa salakina. Emin teu nolak teu naon. Sanggeus rarandaan, Emin bajoang ngabayuan budakna ku usaha sorangan, ngaput papakéan.
Dina roman Ngabuang Manéh (1979), Ki Umbara di antarana nyaritakeun Gilang (budak awéwé, jururawat asal Kuningan). Lantaran kalakuan teu uni lanceukna ka hiji budak awéwé, Gilang ngarasa éra. Malah nepi ka iklas,  ngabuang manéh ka tanah sabrang.
Lian ti éta, aya Asmaramurka jeung Bedog Si Rajapati (1987) karya Ahmad Bakri. Dina novel ieu mah, Nonoh nu dikawinkeun ka lalaki pilihan kolotna, sérong jeung lalaki séjén. Dina tungtung caritana digambarkeun, Nonoh katalangsara: éra lantaran reuneuh di luar nikah, asup bui alatan kalibet rajapati, tungtungna owah.
Novel Sunda béh dieu gé teu bina ti kitu. Geura mangga aos seratan Téddi AN Muhtadin, “Tubuh, Erotisme, dan ‘Kompleks Cinta Romantis’: Penggambaran Seksualitas Perempuan dalam Lima Novel Sunda karya Pengarang Pria” (dina Seks, Teks, Konteks, 2004: 152-179).
Dina éta seratan, antarana, Téddi “murak” Galuring Gending (2001) karya Tatang Sumarsono jeung Pangantén(2004) karya Dédén Abdul Aziz, nu duanana gé kakolom novel Sunda kiwari.

Nya naon atuh nu kapanggih tina sawatara bacaan di luhur téh? Naha éta téh jadi bukti yén ti baheula nepi ka kiwari, nasib wanoja dina tulisan sastrawan Sunda téh teu weléh katalangsara? Jawabanna mah, mangga nyanggakeun. Surahaneun urang sadaya.*** 


Paraphrase

Nu Ngadarakwa 1

Koswara N.S


Dariuk ngahaja di hiji restoran, sabenerna asup ka restoran teh lain ku lapar-lapar teuing, eta we itung-itung reureuh sanggeus laleumpang ngider kota. Tasik ayeuna mah rame pisan ku sabab urang Bandung hampir satengahna tamplok ka Tasik. Djulaeha jeung Somantri ngareret ka lalaki tiluan nu kakara asup ka restoran. Tiluannana tentara nu gagah naker, barang pareret jeung Djulaeha, eta letnan teh unggeuk bari seuri. Kang Parman tatangga Djudju nalika di Bandung salah sahiji pasukan API. Dina peuting ting alabreng kitu wae pasukan tentara nu laleumpangan, barudak nu ngaregreg disapanjang jalan tinggorowok baru ngacungkeun peureupna: Merdeka! Merdeka!.

Somantri kira-kira duapuluh tilu taun, hade rupa, pangawakanana sedeng. Ari Djulaeha umurna salapanwelas taun, rupana teh enya disarebutkeun geulis. Katingal dina gerak-gerikna Somantri the bogoheun ka Djulaeha,  nanging Djulaeha biasa-biasa wae ka Somantri malah sok debat wae. Djulaeha resep pisan kana mun ningal pasukan para perjuangan nu gagah naker ngabela bangsa kanggo ngusir penjajah. Somantri nyaksian sorangan, rereana mah pamuda perjuangan nu sapantar alancrub kana perjuangan. Upami dibandingkeun, kawasna moal aya sapertiluna anu hirupna sapertos kitu kaka mah. Margi kaka teu cara maranehna. Malah sakapeung sok ngaraos dosa, komo upami ningali korban-korban nu dikintun ti garis depan mah. Rerencangan sakelasna kaka pisan tos aya tiluan nu maraot dina pertempuran. 
Somantri alim upami hal ieu matak jadi ngiranganana respek Djudju ka kaka. Djudju jiganu kaduhung. Somantri digumujengkeun sareng dianggap kawas budak. Alesan sejenna sepuh Somantri teh kangge di daerah Ciamis, kaka teh istuning tunggal. Saur anjeunna, upami kaka lebet tentara mah saha nu baris neraskeun ngalereskeun pabrik minyak kapayunna. Ku kituna Djulaeha ngahuleng kahartos. Dipapagkeun Djulaeha ku Somantri ka bumina, jol  ngaragangan adi-adi sabrayna Djulaeha nu aya di imah. Tati jeung Tuti. Lamun lanceukna liar keneh diluar can mulang the budan nu dua can buru-buru sare. Tuti mere nyaho ka lanceukna yen aya surat ti apa.
Disebatkeun dina suratna Djulaeha, Tati sareng Tuti enjing pisan kedah wangsul heula ka Sperata. Penting wae saurna, anggoan sareng sapuratina kedah dibantun. Somantri curinghak, silih teuteup, rada lila duanana peheneng-heneng. Karaos bakal ditinggal jauh sareng waktos nu teu tangtukeun. Djudju mulih enjing teh jadi marga kana papisahna saendeng-endeng. 
Sakanyaho Djulaeha mah Surjadi jeung Halimah teh indung bapana. Nya kitu deui kanyaahna nu lumrah wae ilaharna kanyaah ti indung bapa ka anak. Barang Halimah ngalahirkeun Tati jeung Tuti tara jadi pikir bane wae da Tati jeung Tuti mah leutik keneh. Kadituna Djulaeha tangtos sok dicarekan the bari jeung diteunggeulan deuih. Hadena aya Karna tatanggana nu karunyaeun ka Djudju sok dibawa ka imahna. Ku pamajikanana Karna dibaluran beas cikur urut paneunggeul. Kungsi midangan Karna jeung pamajikanana yen Djulaeha teh budak kukutan Nyai Halimah. Indungna Djulaeha nyaeta rakana Halimah, Djuwita jenenganna teh, anjeunna maot pas Djuju orok keneh duka kunaon ku naonna mah. Djuwita mah can boga salaki saenyana mah. Kusabab indung bapana geus maraot jadi hirup jeung adina. Ayana budak parawan tur kasartaan ku hade rupa puguh wae matak jadi catur, pagawe kontrak parebut haying meunangkeun Djuwita. 
Tapi duka ku lantaran saenyana kitu atawa ku lantaran kuat kacapangan wae, nu hasil teh tetep wae kawasaan jeun duit. Djuwita di pikahayang ku Koenders urut mandor besar di Sperata samemeh diganti ku Surjadi. Administratur di dinya sarta torojogan dipenta ku Surjadi eta dipake jambatan geusan ngaronjatkeun pangkatna. Pagawean Koenders ka Djuwita ngahasilkeun buah Djulaeha geus remen kacontoan yen ngan ukur hayang nyeseup maduna wungkul. Heuleut sawatara minggu Surjadi diangkat jadi mandor besar di dinya, nganganti mayor besar Suma nu alesan geus kolot. Teu lila Koenders pension sarta mulang ka Nederland.
Djulaeha, Tuti jeung Tati angkat ti stasiun Tasikmalaya diturunkeun nepi ka Garut ku sabab di Bandung keur aya partempuran. Di Garut naek mobil ka Pangalengan sateuacan dugi ka Sperata di Ciwidey. Surjadi jeung Halimah kajurung ku kahariwang wae saenyana mah sanajan teu ilubiung di garis depan oge, tapi ceuk rarasaan mah aya nanaon teh ari riung mungpulung mah teu panasaran.
Sanggeus opat peuting aya di Sperata, ka imah Surjadi jul-jol semah mani aya tujuh urangna nyaeta pagawe perkebunan bawahan Surjadi. Mimitina mah biasa ngobrolkeun sapopoe kadituna sok titah arasup Djulaeha, Tuti jeung Tati ka sakamar-kamarna. Djulaeha panasaran nyimpang heula ka dapur bari tatanya ka Bi Rasmi. Saur Bi Rasmi tos aya kana lima kalian kempel didieu teh duka ngobrolkeun naon. Upami Bi Rasmi ngabantun cikopi sareng leueuteun sok jep jarempe, tos kadapur deui nembe kakuping galuntreng. Djulaeha ka buruan tukang ngajanteng ngupingkeun nu baradami. Ditetelakeun yen bakal aya serangan umum nu rek diayakeun ku tentara kerajaan. Rasiahna sing aremut yen kawajiban urang mah geus tetela, nyaeta nyegah sangkan diperkebunan nu dicekel ku urang ayeuna ulah aya pulitik bumihangus, saur Surjadi. Tos beres baradami semah mulang. Djudju asup ka jero imah kapanggih ku Surjadi, puguh wae Surjadi nyarekan nepi ka disiksa, jol Halimah ngagugusur nepi ka tijongjolongna Djulaeha diasupkeu ka kamar dikonci tiluar dikerem lila. 
Surjadi marentahkeun tukang potret di Ciwidey sangkan ngumpulkeun potret opsir-opsir sareng catetan-catetan tentara Republik keur kapentingan musuh. Tegesna, kumaha bae oge Surjadi sapara kancana teh kaasup penghianat bangsa jeung nagara anu lain antepeun. Djulaeha haying ngalapor hanjakal dikonci kamarna atuh sapopoe teh ngan ulukutek di imah. Geus waktuna tentara Walanda geus narajang, maranehna geus mareuntasan Citarum, malah pertempuran tos dugi ka Soreang, enjing pageto bakal dugi ka Ciwidey atanapi Pangalengan. Mayor Adnan marentah yen dibumihanguskan, Surjadi ngakalan sanggem ngajalankeun numutkeun rencana Mayor Adnan. Sanggeus Mayor Adnan mulang jeung nu lainna ngarungsi ka Cidaun, Surjadi gadag-gidig nguaran baturna nu saihwan tur geus dibadamian tea. 
Nya kitu deui di Pabrik, Mesin nu teu tiasa dibantun mah sadayana di ancurkeun. Surjadi kacida atohna nu boga kayakinan sorangan. Kajeun teuing teu merdeka war jeung kudu hirup ka kuburan bari nyangsara maneh mah. Gumbira pisan Surjadi bari ngarep-ngarep tentara NICA, hayang geura nembongkeun yen pagawean the hasil kalawan nyugemakeun. Kaayaan di Sperata beuki simpe wae nepi ka peutingna. Listrik oge ngahaja teu dihurungkeun, ngajaga bisi aya tentara Indonesia nu kabeneran ngaliwat ka dinya.  Lamun lampu masih keneh hurung mah tangtu wae nyarahoeun yen turbin cai teu diancurkeun. Kira-kira pukul sawelas peuting kadenge sora anjing rageg. Surjadi caruringhak nempo ka luar. Da enya atuh di buruan hareupeun gedong Surjadi tingjuringkang kalangkang jalma aya kana welasna laleumpang ngadeukeutan panto. Surjadi was-was  rek ngonci panto atawa rek dibuka, sabab manehna can sidik bener ka nu di luar the. Lamun tentara NICA mah geus tangtu dibukana the da puguh nu diarep-arep tea. Tapi sabot Surjadi ngajanteng keneh, bray the panto disurungkeun ti luar. Surjadi nu meh kajeblagkeun rikat mundur, panonna nyidik-nyidik beungeut jelema nu asup pangheulana. Sajongjongan mah Surjadi ngajengjeng mata simeuteun, sungutna calangap tapi teu gancang pok nyarita.




Mengidentifikasi Novel dengan kajian struktural


Konflik cerita

Novel ini mengacu pada poskolonial dengan kekuasaan dan rasa nasionalisme yang ditumbuhkan. Hanya sedikit kisah cinta yang diceritakan, kejadiaan bayangan ketika dijaman poskolonial, ketegangan yang dirasakan ketika semua orang harus mengungsi dan mencari tempat istirahat yang aman walaupun itu tidak nyaman. Kisah anak angkat yang diperlakukan sangat tidak adil semena-mena hanya kesenangan bagi para penguasa muncul penghianatan, sikap licik, jabatan tinggi ingin berkuasa bukan untuk keadilan melainkan memperkuat dirinya sendiri. Perjuangan seorang wanita yang ingin mencoba membongkar kelicikan orang tua angkatnya namun belum berhasil.
1.       Tokoh
-          Djulaeha (sebagai pemeran utama, anak angkat Surjadi dan Halimah)
Djulaeha adalah seorang gadis cantik yang baik, rajin dan optimis dalam segala hal juga serba ingin tau. Dia termasuk orang yang ambisius, penyabar, tabah.
-          Surjadi (Bapak angkat Djulaeha)
Surjadi adalah seorang bapak yang licik, kekerasan, keras kepala, egois, tidak mau mengalah walaupun dia ambisius namun dalam keburukan, penghianat Negara.
-          Halimah (Ibu dari Tuti dan Tati)
Halimah adalah ibu yang baik kepada Tuti dan Tati tapi tidak kepada Djulaeha yang sering memperlakukan tidak adil, kekerasan.
-          Somantri (Kerabat Djulaeha)
Somantri adalah baik, penyayang, sederhana
-          Mayor Adnan (Tentara Indonesia)
Mayor Adnan seorang tentara Indonesia gagah bersikap tegas
-          Karna (Tetangga Surjadi)
Karna sangat baik hati, penyayang, penolong
-          Bi Rasmi (Pembantu di rumah Halimah)
Bi Rasmi pembantu sederhana apa adanya, baik
2.       Tema
-          Menyangkut pada perjuangan di jaman poskolonial, menghadapi tentang hadirnya kekuasaan jabatan dan penghianatan
3.       Alur
-          Termasuk dengan jalan cerita maju mundur dengan mengetahui jalan cerita secara utuh
4.       Latar/Setting
-          Kota Tasik dan Garut kawasan padat tempat pelarian pengungsian dari Bandung
-          Ketegangan yang timbul ketika para tentara Walanda akan menyerang Sperata
-          Rumah Surjadi sebagai tempat rahasia dan penggerebekan
5.       Amanat
Dalam hidup bermasyarakat kita harus bisa berprilaku secara selaras tidak menuai permasalahan, cobalah untuk bersikap adil kepada siapapun. Butuh kerjasama untuk membuat Negara ini maju, merdeka dengan tidak menggunakan jalan alternative yang licik salah satunya penghianatan yang memang harus dimusnahkan karena itu sangat merusak dan menghancurkan