WHAT'S NEW?
Loading...
Showing posts with label Perempuan. Show all posts
Showing posts with label Perempuan. Show all posts


Gunung Everest bagaikan 'pahala surga' bagi para pendaki. Ada kebanggaan tak terkira bila bisa menaklukkan gunung  yang juga disebut sebagai Sagarmatha ("Kepala Langit" dalam bahasa Sansekerta).


Seperti yang dikutip dari Apakabardunia.com. Tantangan alam yang akrab dengan dunia lelaki ini juga diminati kaum wanita, dan memang sudah banyak perempuan-perempuan hebat yang berhasil mencapai puncaknya. Namun tahukah kamu siapa wanita pertama yang berhasil mendaki dan menaklukkan Puncak Everest?
 
Sekitar 39 tahun lalu, seorang wanita berkebangsaan Jepang menjadi wanita pertama yang berhasil dan selamat menaklukkan Puncak Everest. Dengan mengambil jalur normal yaitu punggungan tenggara, Junko Tabei mendaki hingga puncak pada tanggal 16 Mei 1975.

Seperti yang dilansir oleh JapanTimes.co.jp, prestasi Junko Tabei ini merupakan simbol perjuangan wanita Jepang untuk mendapatkan kesetaraan dan kebebasan memilih. Pada masa itu,  isu kesetaraan gender memang sedang hangat-hangatnya. Saat itu yang boleh bekerja di luar rumah hanyalah laki-laki sedangkan perempuan harus tinggal di rumah.

"Meskipun wanita sudah bekerja di luar rumah, mereka masih berkewajiban untuk menyajikan teh," ungkap Tabei.

 Tabei mengaku ia terinspirasi oleh Sir Edmund Hillary yang menjadi orang pertama yang menaklukkan Puncak Everest bersama dengan Sherpa Tenzing pada tahun 1953.



Tabei sang inspirator lingkungan
 

Tabei adalah teladan pecinta alam sejati. Ia tak hanya berfokus jadi penakluk puncak gunung tinggi, melainkan juga pemerhati lingkungan. Salah satu hal yang dilakukan sebagai bukti kepeduliannya adalah dengan meneliti masalah sampah di Gunung Everest ketika menempuh studi di Universitas Kyushu.

Hingga kini, wanita kelahiran 22 September 1939 belum berniat pensiun sebagai pendaki. Kamu bisa hitung berapa umurnya sekarang, kan? Ia mengaku sangat menikmati petualangan mendakinya ke gunung-gunung yang unik, walau dua anaknya sudah tumbuh dewasa.

"Tak pernah sedikit pun terbesit di pikiranku untuk berhenti mendaki--dan selamanya tak akan pernah--meskipun aku sudah melihat banyak orang meninggal di gunung dengan mata kepalaku sendiri," ungkapnya.


sumber

SN
Wanoja dina sastra Sunda/ illustrasi [Potret: Refro Mangle]


EXPLORESUNDA Kumaha sastrawan Sunda ngagambarkeun wanoja? Novel Sunda saméméh Perang Dunya II, umumna ngagambarkeun tokoh-tokoh wanoja nu katideresa. Novel Sunda munggaran nu ngamimitianna. Nya, Baruang ka Nu Ngarora (1914) karya DK. Ardiwinata ngawayangkeun Rapiah. 
Manéhna digambarkeun mangrupa wanoja anu henteu pengkuh. Kabisana meungkeutkeun dirina ka lalaki bangsa ménak, Aom Kusman. Nu ékstrim, malah daék di kitu-kieu ku éta radén.           
Wawacan Rusiah nu Geulis (1921) karya R. Candapraja kitu deuih. Tokoh Raden Ayu Lasmana, tungtungna, digambarkeun nemahan pati, lantaran teu kuat imah-imah jeung sudagar Arab, Sayid Abu Bakar bin Ma’ruf, nu ngalarang manéhna kaluar rumah.         
Tuluy M. Engka Wijaya nganggit Wawacan Duriat nu Teu Pegat (1924). Endén Ratna dina éta karangan kudu kawin jeung Haji Usman, nu geus tawéhwoh. Padahal Ratna geus papacangan jeung Radén Prawira. Nya lantaran babakti, manéhna daék dikawinkeun ku kolotna. Lantaran bapana boga hutang ka éta haji.
            Novel karya Yuhana gé nggambarkeun wanoja. Kahiji, Eulis Acih (1925): Eulis Acih téh bogoh ka Arsad. Ber kalabur. Tapi sanggeus harta banda bawa Eulis Acih béak, Arsad nundung Eulis. Gubrag Eulis Acih ngalahirkeun Sukria.
Kadua, Mugiri (1928): Néng Rahmah minggat jeung Gan Adung. Maranéhna teu disatujuan, lantaran cék indung-bapa Néng Rahmah, Gan Adung téh lalaki teu bener, sok ngérét awéwé deuih. Néng Rahmah kakandungan. Nalika bureuyeung, manéhna diusir Gan Adung. Malah dituduh salingkuh jeung lalaki séjén.
            Katilu, Kalepatan Putra Dosana Ibu-Rama (1928): Hadijah dikawinkeun ka Haji Saléh, ku jalan ditipu kolotna. Padahal geus papacangan jeung ia Mahmud, Hadijah téh. Sanggeus Hadijah kawin, Mahmud remen madon jeung maén. Leuwihna ti kitu, Hadijah diculik ku manéhna. Kumpul kebo. Geus bosen mah, Hadijah diusir ku Mahmud. Nya tungtungna balik deui ka kolotna, Hadijah téh.
            Ari M.K. Harjakusuma, dina Paéh di Popotongan (1931), ngagambarkeun tokoh pamajikan nu néangan salakina ka Batawi. Tapi barang gok amprok, salakina api-api teu wawuh ka manéhna, malah mungkir, lantaran geus jadi anémer, papakéan wawalandaan, jeung geus kawin ka anak wadana.
            Kitu deui E. Suwitaatmaja dina Wawacan Endén Supenti (1932): Endén Supenti diserahkeun Radén Ahmad. Éta téh, cenah mah, lantaran Radén Ahmad kagoda wanoja séjén, Endén Suwarni.
Dina mangsa éta gé, aya sawatara novel Sunda nu ngagambarkeun kapaksana wanoja nu jadi nyai-nyai. DinaSiti Rayati (1923) beunangna Moh. Sanusi, aya Patimah, tukang metik entéh di pakebonan Ragasirna, nu diperkosa ku si galak Steenhart. Patimah reuneuh. Tapi nalika ménta sangkan dijadikeun nyai-nyai, Steenhart malah malik ngusir jeung najong sagala.
Kitu deui Imas dina Carios Agan Permas (1926) karya Yuhana. Sanggeus leupas ti Haji Serbanna nu nyulikna, Imas wani akon-akon jadi Agan Permas jeung jadi nyai-nyai hiji tuan kawasa kontrak.
S.H. Kartapradja ge midangkeun carita nyai-nyai. Dina Carita Nyi Suhaésih (1928): Nyi Suhaésih remen paséa jeung salakina nu eureun digawé alatan aya perampingan. Nyi Suhaésih kagelo ku pangwujuk jalma nu rék ngajadikeun manéhna nyai-nyai Walanda di Bandung.
Ari Nyi Aminah nu diwayangkeun ku Moehamad Moekhtar dina Carios Istri Sajati (1929), méh baé jadi nyai-nyai. Sanggeus dicul-jeunkeun ku salakina nu kadua, manéhna ampir kawujuk ku nu rék ngajual manéhna ka hiji tuan.
Tapi aya novel tina mangsa ieu, nu béda. Apan Lain Eta (1932), beunangna Moh. Ambri. Ieu novel mimiti némbongkeun kawani wanoja nyanghareupan dominasi lalaki. Tapi abong dikarang lalaki, aya waé nu bias gender-na. Néng Éha, nu mimiti mah nurut kana kahayang bapana, kawin ka lalaki pilihan kolotna. Tapi sanggeus pruk mah, manéhna teu ngajalankeun peranna minangka pamajikan nu hadé, malah ngejat ninggalkeun salakina.
Sanggeus Indonésia merdéka, nasib wanoja dina sastra Sunda angger katideresa. Dina Sripanggung (1963), Caraka ngagambarkeun Empat nu kabur ti pakebonan kontrak lantaran rék diperkosa ku pagawé bangsa Walanda. Manéhna, tuluyna mah milu kana grup sandiwara, minangka sripanggung.
Yus Rusamsi nulis Randa Béngsrat (1965) jeung Dédéh (1966). Dina Randa Béngsrat, Ésih milih pepegatan jeung salakina, Udi, lantaran kapangaruhan ku pamikiran dulur misanna, Ikah. Ésih kapangaruhan ideu wanoja nu mandiri. Najan tungtungna mah, Ésih reuneuh di luar nikah ku kabogohna, Aléx Kohar. Ari dina Dédéh, Dédéh nu mutuskeun moal kawin-kawin, lantaran kapok bobogohan, tungtungna, manéhna léah diajak kawin ku tokoh Maman.
Nu rada béda mah Pipisahan (1977), karya Rahmatullah Ading Affandié (RAF). Tokoh Emin diserahkeun ku pangjurung bapa salakina. Emin teu nolak teu naon. Sanggeus rarandaan, Emin bajoang ngabayuan budakna ku usaha sorangan, ngaput papakéan.
Dina roman Ngabuang Manéh (1979), Ki Umbara di antarana nyaritakeun Gilang (budak awéwé, jururawat asal Kuningan). Lantaran kalakuan teu uni lanceukna ka hiji budak awéwé, Gilang ngarasa éra. Malah nepi ka iklas,  ngabuang manéh ka tanah sabrang.
Lian ti éta, aya Asmaramurka jeung Bedog Si Rajapati (1987) karya Ahmad Bakri. Dina novel ieu mah, Nonoh nu dikawinkeun ka lalaki pilihan kolotna, sérong jeung lalaki séjén. Dina tungtung caritana digambarkeun, Nonoh katalangsara: éra lantaran reuneuh di luar nikah, asup bui alatan kalibet rajapati, tungtungna owah.
Novel Sunda béh dieu gé teu bina ti kitu. Geura mangga aos seratan Téddi AN Muhtadin, “Tubuh, Erotisme, dan ‘Kompleks Cinta Romantis’: Penggambaran Seksualitas Perempuan dalam Lima Novel Sunda karya Pengarang Pria” (dina Seks, Teks, Konteks, 2004: 152-179).
Dina éta seratan, antarana, Téddi “murak” Galuring Gending (2001) karya Tatang Sumarsono jeung Pangantén(2004) karya Dédén Abdul Aziz, nu duanana gé kakolom novel Sunda kiwari.

Nya naon atuh nu kapanggih tina sawatara bacaan di luhur téh? Naha éta téh jadi bukti yén ti baheula nepi ka kiwari, nasib wanoja dina tulisan sastrawan Sunda téh teu weléh katalangsara? Jawabanna mah, mangga nyanggakeun. Surahaneun urang sadaya.***