foto Situ Bagendit |
Aya hiji jajaka indo beunghar katelahna Kang Endit. Ieu téh saenyana mah nénéhna, da ngaranna sajati mah Hérman Bagendit. Manéhna téh kacida pisan kumedna jeung adigung. Geus taya nu bireuk deui kana kakumedanana téh. Salian ti dulur-dulurna mah, tara aya nu asup ka imahna. Manéhna ngahaja mencilkeun manéh, lamun kaluar ti imahna sok dangdan panghédédna, embung éléh jeung batur. Kitu jelema kasieunan mah.
Kacaturkeun awal bulan, mulang saba ti kota, usaha kiripikna ceuyah dimamana. Mobil jeung motor nepi ka teu bisa ditunda di jero imah. Usahana hasil tina dagang kiripik, kebon sampeu di lemburna panén. Kang Endit nu kawilang kumedna nyieun sidekah. Ngondang Ustad, lebé, jeung sawatara tatangga. Popolahna kabéh ku sorangan, teu aya nu ngabantuan. Barang geus tarapti, sakur nu mantuan ngakut kiripik ka mobil tuluy diondang ngariung parasmanan, bungbuahan jeung rapihna dibéré bésék jaman kiwari dus nu aya goréng hayam, sosis make saos ti kota. Atuh anu ngariung téh nepi ka ratusna. Tapi sadia parasmanan jeung bésék teu sabaraha, nepi ka ngan sakeudeung harita gé geus bérés, bari tingkarétap kénéh.
Keur meujeuhna ngaharuap bungbuahan, torojol aya bapa-bapa awak hideung badag nyampeurkeun. Ku pribumi teu ditilik teu ditanya. Nya pok bapa-bapa téh waléh yén rék nagih hutang ka Kang Endit, Bapa-bapa raray pikasieuneun, anggoan harideung, tuluy jojorowokan nyebut ngaran Kang Endit. Geuwat Kang Endit bijil ti imahna manéhna nyarékan, embung katingali ku pribumi réa hutang manéhna api-api teu boga hutang ka sasaha, pajarkeun téh taya kaéra, ujug-ujug nagih hutang. Tungtungna bapa-bapa éta némbongkeun surat-surat ti Bank nepi ka jéntréna, aya ngaran manéhna dina surat-surat hutang éta, tuluy Kang Endit kabur ka jero imah. Pribumi ngan saukur nempokeun hungkul bari ngagémbol bésék kiwari.
Bapa-bapa ngudag Kang Endit ka jero imah nepi ka di téwakna bari sigep, Nanyakeun hutang Kang Endit kudu geura di bayar ayeuna pisan. Puguh Kang Endit ngalawan masih kénéh ngarasa teu boga hutang ka Bank. Bapa awak jangkung badag ngomong kieu ka Kang Endit “Sagala gé boh lamun nginjeum ka Bank éta di anggap hutang, lamun embung ditagih tong sok hayang barang nginjeum ka Bank. Éta hutang sarua jeung kawajiban, sing saha nu teu mayar hutang bakal aya wawalesna.”
Ngomong kitu téh kasaksian ku sakur nu aya di dinya. Saréngséna nu dalahar tuluy amit rék baralik. Kakara gé patinglaléos, ngaradeg, sabab aya nu tinggarero, “Kahuruan! Kahuruan!” cenah. Sakabéh tingbelecir kaluar imah. Kang Endit ménta tulung, tuluy pribumi milu nulungan sabisana, maké émbér. Kahuruan beuki ngabadagan, Kang Endit geuwat ka dapur ngahurungkeun cai jet pump, teu nyaho jet pump ngilu kahuruan ngabeledug, éta paralon tina jet pump tingbarijil cai sagede bitis teu ereun-ereun. Henteu kanyahoan deui ti mana datangna cai, ngan leb wé pakarangan Kang Endit téh geus kakeueum. Atuh kacida ributna, jalma-jalma geus teu inget ka diri batur, asal salamet dirina baé. Kang Endit ogé nya kitu, niat rék nyingkiran cai, tapi barang kaluar pisan ti imahna, sumur-sumur no boga manéhna mudal sabab jet pump pusat nu di dapur ruksak, cai téh nepi ka lir kawas pancuran sagede tihang listrik nyebrot ka palebah Kang Endit. Kang Endit kabawa palid teu walakaya. Imahna terus kakeueum. Kang Endit angkleung-angkleungan, bari satungtung bisa mah teu weléh-weléh sasambat ménta tulung ka pribumi, Tapi taya nu nulungan, da batur gé sarua ripuhna. Kang Endit ngalelep. Beuki lila, cai téh beuki gedé baé. Nepi ka jadi situna, ngeueum sakabéh pakaya Kang Hérman Bagendit.
0 komentar:
Post a Comment